Soal dan jawaban Praktik Akuntansi Jasa kelas 10 Berikut adalah Transaksi dari bisnis konsultan ABC yang terjadi selama bulan April: April 1. Di investasikan Rp 100.000.000 uang tunai. April 4. Di beli perlengkapan secara kredit Rp 3.000.000 April 6. Membayar iklan dimuka untuk 15 kali Rp 15.000.000 April 7. Membeli komputer secara kredit seharga Rp 12.000.000. Rp 8.000.000 dibayar tunai sedangkan sisanya dibayar dalam jangka waktu 3 bulan. April 9. Di bayar sewa kantor untuk satu tahun Rp 12.000.000 April 14. Menerima uang sebesar Rp 7.500.000 dari Ahmad untuk jasa yang akan dilakukan bulan depan April 14. Menerima pembayaran atas jasa yang telah dilakukan sebesar Rp 10.000.000., April 17. Membayar utang atas Transaksi tanggal 4. April 20. Menerima pembayaran atas jasa yang telah dilakukan sebesar Rp 20.000.000, Sebanyak Rp 12.000.000 diterima tunai sedangkan sisanya kredit. April 25. Membayar gaji karyawan Rp 2.000.000 April 28. Menerima Rp 6.000.000 sebagai pembayaran piu...
Mikaweruh Gaya Basa
Gaya basa nyaéta cara ngagunakeun atawa metakeun basa. Gaya basa dina basa sunda loba rupana, keur saheulanaanan nu baris dipedar ayeuna mah ngeunaan gaya basa rarahulan (hiperbola), gaya basa kadalon (pléonasme), gaya basa ngasor (litotes) jeung gaya basa ocon (metonimia).
1. Gaya basa rarahulan (hiperbola) nyaéta gaya basa anu ngagunakeun basa kaleuleuwih atawa leuwih ti misti. Perhatikeun sababaraha conto ieu di handap!
a. Bakat ku sieun manéhna ngajerit nepi la marataan langit.
b. Indungna ceurik nepi ka kaluar cimata getih bakat ku sedih ditinggalkeun maot ku anakna nu ngan hiji-hijina.
C. Lumpatna gancang lir kilat.
d. Najan sababarah kali labuh tina motor manéhna mah teu cecel bocel, da puguh awahna lit besi waja.
e. Manéhna mah ka dulur téréhna ijin pisan lir nénjo kokotor.
Kecap maratan langit, cimata getih, lir kilat, lir besu, jeung lir nénjo kokotor mangrupa gaya basa rarahulan (hiperbola). Kecap maratan langit dina kalimah kahiji maksudna nerangkeun yén ngajeritna téh tarik pisan. Kecap cimata cimata getih dina kalimat kaduan maksudna ngajelaskeun yén céurikna téh kacida kanyenyerian tur lila waktuna. Kecal lir kilat dina kalimah katilu nuduhkeun yén lumpatna téh gancang pisan leuwih ti lumpat nu séjén. Kecap lir besi waja dina kalimah kaopat nuduhkeun awak jelema nu kuat jarang keuna ku céda. Sedengkeun kecap lir nénjo kokotor dina kalimah kalima nuduhkeun rasa ijid, keuheul, geuleuh nu leuwih ti misti.
2. Gaya basa kadalon (pléonasme) nyaéta gaya basa anu ngagunakeun kecap nu sebenerna teu perlu. Perhatikeun conto ieu di handap!
a. Can ogé dititah manéhna mah geus maju ka hareup lantaran hayang pangheulana.
b. Mobil nu mogok dina tanjakan téh mundur deui ka tukang.
c. Kulantaran teu peugeuh nyekel bukuna, antukna murag ka handap.
d. Balon gas ngapung ka luhur basa talina lésot.
e. Kapal udara nu murag ka handap mani ruksak kaayanana.
Kecap ka hareup, ka tukang, ka handap, jeung ka luhur, mangrupa gaya basa kadalon (pléonasme). Kecap ka hareup nu nuturkeun kecap maju dina kalimah kahiji, kecap ka tukang nu nuturkeun kecap mundur dina kalimah kadua, kecap ka handap nu nuturkeun kecap murag dina kalimah katilu jeung kalima, kecap ka luhur nuturkeun kecap ngapung dina kalimah sebenerna mah teu perlu disebutkeun. Sabab nu ngaranna maju pasti ka hareup, mundur pasti ka tukang, murag pasti ka handap, serta ngapung pasti ka luhur. Tapi éta kekecapan sok dipakè pikeun leuwih ngajelaskeun maksud.
3. Gaya basa ngasor (lilotes) nyaéta gaya basa nu ngagunakeun kecap nu maksudna ngarendahkeun diri. Contona:
a. Upami aya waktos mah mangga atuh linggih ka saung butut!
b. Numawi abdi mah rumaos jalmi laip.
C. Neda ogé kuring mah koréh-koréh cok
d. Abdi mah rumaos jalmi taya kabisa midamel PR matematika.
e. Rumaos abdi mah jalmi taya kagaduh parabot rorompok ogé saaya-aya.
Kecap saung butut, jalmi laip, koréh-koréh cok, taya kabisa, taya kagaduh, kaasup gaya basa ngasor (lilotes). Kecap saung butut dina kalimah kahiji maksudna pikeun ngarendahkeun diri tina imah (anu sabenerna can tangtu goréng). Kecap jalmi laip/hina dina kalimah kadua maksudna pikeun ngarendahkeun diri tina kaayaan hirupna (anu sebenerna can tangtu hina/miskin). Kecap koréh-koréh cok dina kalimah katilu pikeun ngarendahkeun diri tin kaayaan katuangan sadidintenna (anu sebenerna can tangtu kurang kadaharan). Kecap taya kabisa dina kalimah kaopat maksudna pikeun ngarendahkeun diri kamampuh pangeweruh ( anu sebenerna can tangtu teu bisa). Seeangkeun kecap taya kagaduh dina kalimah kalima maksudna pikeun ngarendahkeun diri tina kaayaan harta (anu sebenerna can tangtu kakurangan).
4. Gaya basa ocon (metonimia) nyaéta gaya basa nu ngagunakeun merek barang atawa ciri hasna pikeun ngawakilan. Perhatikeun conto ieu di handap!
a. Mang Kurdi nuju udud djarum.
b. Pa Ahmad angkat ka sakola naék bébék.
c. Cép Taufiq nuju mésér yonéx.
d. Usman nuju nyerat nganggo hero.
e. Anjeunna nuju nelepon nganggo xiomi.
Kecap djarum, bébék, yonék, hero, jeung xiomi kaasup gaya basa ocon (metonimia). Kecap djarum dina kalimah kahiji ngawakilan roko djarum. Kecap bébék dina kalimah kadua ngawakilan motor bébék, kecap yonèk dina kalimah katilu ngawakilan alat olahragaa merek yonék, kecap hero dina kalimah kaopat ngawakilan pulpen hero, serta kecap xiomi dina kalimah kalima ngawakilan hp xiomi.
Komentar
Posting Komentar